Kamis, 27 Mei 2010

'KST'...Dulu hingga Kini





Teu karaos...tos sabelas taun langkung KST ngadeg....Padahal asa karek kamari, nempo si Jack embung balik ka kost-an lantaran can mayar....terus nempo si Icon bubuligir maca puisi mangkaning keur hujan badag...terus lalakon si Gondring nu teu weuleh tiap taun ganti kabogoh ngan hanjakal tara lila lantaran awewena tara kuat lila nempo beungeut si gondring....malah nu masih nempel dina otak uing mah euy...aya urut ketua KST anu teu pupuguh tengah peuting keur sare tibra bari nangkuban bujurna ujug-ujug ngangkat...bener-bener jadi kenangan nu moal mungkin bisa poho....atawa anu teu pupuguh jadi manager maen bola kusabab tim manehna eleh tiheula....


Uing mah sok asa sono lamun igeut ka mangsa KST katukang....malah sakapeung mah sok hayang balik deui ka jaman eta....lain kunanaon euy...uing mah sono ku ngumpul bari sempal guyon....tapi sok sanajan kitu oge KST geus bisa nunjukeun prestasina...jadi juara mah pan meh ampir 2 taun sakali...piala sakitu ngajajarna kapan dina lomari baheula yeh (...enya kitu...rarasaan mah ukur 2 siki da nya...!!)...Malah dina widang NGALIWET jeung NGUSEUP mah KST kawilang jawara atuh.....

Nu matak iraha atuh urang ngarumpul deui....ari kahayang mah ulah ukur pas ULANG TAUN hungkul ngarumpul teh...mun bisa mah sa bulan sakali we atuh bari arisan SUMUR sigana leuwih rame....

-----Dikutip dari kiriman mang O'o lewat Group 'Baroedak Heureuy KST'-----

Sono ka Sadaya

Sabenerna aya rasa bagja pacampur jeung kasedih....bagjana geuning geus ampir 13 taun urang masih bisa ninggali KST ngadeg....sedihna...iraha atuh urang bisa riung mungpulung deui....nya'an sono ari geus ninggalian foto jeung dokumentasi longser....ehm...kabayang dina lamunan sarerea ngilu maen longser...moal teu rugrug panggung teh.....iraha atuh urang ngumpul deui baraya.....

Titipan ti Kang Beo (KST'ers) 1999.

Danau Buatan (Bendungan) Indramayu

Indahnya danau ini...
dibawah naungan cahaya bulan yang terang benderang,
di hiasi gemerlip bintang-gemintang.

samar-samar kudengar alunan musik dan lagu
sang musisi pinggiran...
kian menambah rasa nyamanku untuk tetap disini.

lalu terlukis wajah manis
sang gadis cantik berambut keriting sedikit pirang
tersenyum lah aku...
ku rindu kau disini...

Kamis, 20 Mei 2010

Wilujeng Sumping

Wilujeng sumping...
wilujeng patepang...
wilujeng sadaya-daya weh!
tepangkeun yeuh...
Simkuring DASEP alias 'Daud Kasep'.
asli urang sunda...
urang lembur anu kacida jauhna
nyaeta ti Cililin cenah...
ah...naon we aink mah...sakahayang tulis we didieu...
sakitu we heula ah...